Jumat, 06 April 2012

Sanjak Sunda Buat Lomba


Tutuwuhan
Karya : Rachmat M. Sas Karana

Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah sabar
Ka pelok anu kapelak
Teu bisa nanyakeun
Iraha bakal buahan
Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah surti
Akar nu ngeteyep nyiar kahakanan
Teu kadéngé rumahuhna
Tangkal nu lungsé butuh cihujan
Teu kadéngé jumeritna
Daun alum kapanasan
Heunteu kadéngé inghakna
Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah nyaho mulang tarima
Ka lemah tempatna matuh
Muragkeun dadaunan
Pikeun kasuburan
Ka manusa nu melakna
Méré bubuahan
Geusan nyambung kahirupan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar