Jumat, 06 April 2012

Sanjak Bahasa Sunda


Sisi Balong Ngagoletak
Karya : Yus Rusyana

Umurna sawelas taun kira-kira
Na tonggongna buntelan ku samping beureum
Kopeahna buludru belel henteu cuplak
Kawas tibra sisi balong ngagoletak
Irungna, biwirna, ramo-ramona jeung dampal sukuna
Geulang karet dina pegeulangna leungeun kenca
Na sukuna aya patlot solobong awi
Deukeut kuciat buku-bukuna pabalatak
Umurna sawelas taun kira-kira
Awakna sehat parangi marahmay
Calana sepe baju cele kotak-kotak
Ngan lebah dadana, deudeuh
Bajuna rangsak
Taya nu nangenan kahalangan daun taleus
Kawas ngimpi sisi balong, deudeuh
Bukuna dibungkusan ku keretas endog beureum
Tanah Air Kita, kepunyaan Tata kelas lima A
Umurna sawelas taun kira-kira
Kawas tibra sisi balong ngagoletak
Teu kadengeeun manuk sapu noroweco na regsang
Deukeut kuciat, deudeuh
Buku-bukuna pabalatak

Tidak ada komentar:

Posting Komentar